Igelan Kalangkang Mojang

Kénging Kiki Padmowiryanto
Dipidangkeun dina lapak 25 Désémber 2013 17:58:03

hiliwir angin peuting nabeuh dangdaunan
ngedalkeun galindeng alam Priangan
beuki lila beuki jentre jadi wirahma
nu nyurup kana igelang kalangkang anjeun
(ketuk tilu atawa jaipongan)
mojang katresna
nu nembongan di lalangit kamar kuring.

Bandung,17 Februari 2012.